Sagemblengna rasa cinta keur anjen
diri lahir batin lain nu deungeun
Timbal balikna curiga terus terusan
Ku panyangka nyiksa pikir jeung rasa
Sakapeung diri ngarasa geus teu daya
Ku panyiksa jeung panghina lisan salira
Hirup rasana di panjara ku cinta
Nu hanjakalna anjen salah tarima
Milih papisah batan kategenah
Kaheungheum kabeuweung ucap salawasna
Bongan salira teu aya robahna
Cape hate kasiksa ku salira