Sok lieur ngemutanana
Mikacinta kasalira
Kitu salah kieu lain
Na kumaha
Lieur ngabandunganana
Mun bener anjeun micinta
Kalayan nu sabenerna
Sok atuh enggal balaka
Sajujurna
Tong aya rasa kapaksa
Mun leres
Moal bade ngaheureuykeun
Sing pancegna pamadegan
Ulah rek seueur emutan
Bet naha
Naon nu janten lantaran
Naon nu janten emutan
Balaka saurkeun tong asa asa
Ulah sok
Matak bingung pipikiran
Mun enya anjeun micinta
Naha kieu balukarna