Tepang Deui Di Sasak Cirahong - Ayah Group
Lyrics by:Dede Rachman
Composed by:Ayah Group
Tepang deui di sasak cirahong
Awak ruksak bari panon celong
Mawa budak bari carinakdak
Pok na akang abdi ditalak
Bongan saha anjeun jalir jangji
Akang mah geus laki rabi
Moal arek lanca linci
Karunya ieu mah istri sajati
Lain teu karunya akang geus rumah tangga
Budak geus boga dua tong arek ngagoda
Jung didu'akeun sing meunang nu bageur
Asal anjeun bener jodo ngadagoan
Lain teu karunya akang geus rumah tangga
Budak geus boga dua tong arek ngagoda
Jung didu'akeun sing meunang nu bageur
Asal anjeun bener jodo ngadagoan
Jung didu'akeun sing meunang nu bageur
Asal anjeun bener jodo ngadagoan