
在手机上保存,获得更好体验
Mungguh aturan Pangèran
Susah senang pasti datang
Èta hiji bagèan
Nu moal bisa di hadang
Naon anu karandapan
Na lalakon kahirupan
Kapeurih kanyeurian
Dina awal panginditan
Lamun dipikir matak gering kana batin
Sagala tarèkah nu dilakonan
Tapi kunaon geuning buktina
Kitu salah kieu lain
Mungguh teu gampang
Metik hasil perjuangan
Iwal ti sabar pinuh kayakinan
Da geuning bukti keur hikmah diri
Milik teu pahili-hili
Sujud sukur ka Pangèran
Tina rupi kanikmatan
Jeung kabagjaan