Atos ah ,
lengkah urang anu salah lesotkeun rasa kanyaah
Antara kuring jeung anjeun
Ukur sasamet deungeun
Angguran mah geura sideum
Tong seer nu,dipisangeum
Meningan singhareupan mangsa datang
Sugan we bagja kasorang
Antawis urang jeung urang
Najan pada mika hayang
Guratna lain jodona
Lain jodona
Wayahna sing tumarima
Reff
Karasana memang perih
Kana batin oge sedih
Tapi dalah dikumaha
Urang teu bisa kumaha
Gening ukur nambahan dosa
Lintang silih ridhokeun
Lintang silih lubarkeun
Antara kuring jeung anjeun
Ukur sasamet deungeun
Deudeuh ..anu baheula tos nyangreud
Ayena urang lepaskeun
Hampura kuring hampura
Kasalira...kumawantun mikacinta