Dengekeun papatah Kolot
Ulah sok kalah molotot
Mun Kolot mamatahan
Eta teh rek ngelingan
Anggur mah ku anjeun dibandungan
Regeupkeun omongan Kolot
Ulah sok kalah jamotrot
Cirining Kolot nyaah
Embungeun anjeun susah
Hayangeun ningali anjeun bungah
Cing ciripit tulang Bajing ka capit
Kacapit ku bulu pare
Omat hate ulah sulit
Sing loba barang bere
Milik meh leuwih gede
Cang ucang angge
Mulung muncang kapapangge
Kalakuan kudu sing hade
Papatah kolot
Kudu di denge