Salam Sono - Nazmi Nadia
Lyrics by:Yanto Esha
Composed by:Yanto Esha
Produced by:Bornfri Situmorang
Duh ka saha atuh nitipkeun rasa?
Salam sono ka panutan
Nu jadi geusan paninengan
Aduh kumaha atuh nepikeunnana?
Ieu haté katalimbeng
Rumaos kabungbulengan
Aduh ka mana néangan panyileukan?
Hésé mapalérkeun haté
Da puguh cumantél baé
Bray beurang ngalangkangan
Salira teu weléh nembongan
Hanjakal tebih ti nyatana
Mung na sawangan
Kedah ka mana atuh nepikeun ieu rasa?
Da puguh teu wasa pinuh ku ka éra
Kedah ka saha atuh nyampaykeun kahéman?
Sangkan tinekanan nyimpay kahéman
Bray beurang ngalangkangan
Salira teu weléh nembongan
Hanjakal tebih ti nyatana
Mung na sawangan
Kedah ka mana atuh nepikeun ieu rasa?
Da puguh teu wasa pinuh ku ka éra
Kedah ka saha atuh nyampaykeun kahéman?
Sangkan tinekanan nyimpay kahéman
Sangkan tinekanan nyimpay kahéman